Ari palaksanaan P5 ahitna dimimitian sakaligus di SMPI Ar-Ridho, luyu jeung jadwal anu geus ditangtukeun samemehna, nyaeta poe Jum'at, 18 Oktober 2024. Poe ieu diumumkeun ku Kapala sakolah Bapa Ervin Kurniawan.
Kagiatan P5 ngeunaan wirausaha anu ngajual rupa-rupa kadaharan jeung inuman ti kelas 7, 8, sarta 9. Kalayan hiasan unik sarta rupa - rupa desain di unggal stand kelas.
Ieu acara mintonkeun rupa - rupa pintonan unik saperti qiraat, nembang tembang, tari jaipong, drama musikal, jeung maca sajak.
Unggal stand boga kadaharan jeung inuman anu beda - beda sarta cara promosi na beda - beda. Aya nu Coldplay lebah kartuna, aya nu kukupu, aya nu make blangkon, jeung rea- rea deui.
Lamun hayang meuli dahareun atawa inuman kudu gancang meuli, Naha?. Ku sabab gancang beak, malah aya stand nu dahareun jeung inuman beak Dina waktu kurang ti 10 menit.
Runtuyan acara lumangsung kalawan lancar, sanggeus unggal kelas rengse hasil tina jualan diitung.